Selasa, 24 Agustus 2010

ADAB TIDUR

...

CARA MEMOTONG KUKU

Ngeureutan kuku dina poe jum`at
Disunnatkeun ngeureutan kuku dina poe jum`at .eta pangeureutan dipigawe halna Lalawanan ( luluncatan ) nyatana nalika ngeureut kuku panangan katuhu  pangeureutan dimimitian ti ramo :

1. Cinggir
2. tuluy Jempol
3. Jajangkung
4. Jariji
5. jeung terakhir curuk

sedengkeun dina panangan kenca dimimitian ti:

1. Jempol
2. Tuluy jajangkung
3. Cinggir
4. Curuk
5. Jeung terakhir Jariji

Kitu numutkeun panafsiran Abdulloh bin Buththoh katampi ti para shohabat. Hal eta dumasar kana hadits Nabi Saw. Dimana manteunna parantos ngadawuh :

من قصّ أظفاره محّالفا لم يرّ فى عينيه رمد
“ Sing saha jalma anu ngeureut itu jalma kana pirang-pirang kukuna itu jalma halna lalawanan maka moal kaserang itu jalma dina panonna itu jalma naon panyakit panon. “ 

Sedengkeun dina hadits amid bin abdurrohman ti bapana , Rosululloh Saw. Parantos ngadawuh : 

من قصّ أظفاره يوم الجمعة دخل فيه شفاء وخرج منه داء
“ Sing saha jalma anu ngeureut itu jalma kana pirang-pirang kukuna itu jalma dina poe jum`at maka asup ka jero dirina kawarasan jeung kaluar tina dirina itu jalma naon panyakit .”

Kautamian jeung sunah ngeureut kuku dicarioskeun oge dipigawe dina poe kemis saparantos sholat ashar anu diriwayatkeun ku Waki` ti Sitti A`isyah ra. Anjeunna nyarios yen Rosululloh Saw. Parantos ngadawuh :

ياعائشة إذا أنت قلمت أظافرك فإبدئى بالوسطى ثمّ بالخنصر ثمّ بالإبهام ثمّ بالبنصر ثمّ بالسّبابة فإنّ ذلك يورّث الغنى

“ Hei Aisyah dimana-mana anjeun ngeureut naon pirang-pirang kuku anjeun mangka kudu ngamimitian anjeun kalayan ramo :
1. Jajangkung
2. Tuluy Cinggir
3. Jempol
4. Jariji
5. Jeung terakhir Curuk

Maka saestuna anu parantos ditutur eta bakal ngawaris kana kabeungharan
Dianjurkeun supaya pangeureutan dipigawe kalayan gunting atawa alat pangeureutan kuku ( catutan kuku ) tatapina makruh ngeureutan kuku ku huntu , saparantos ngereut kuku , disunahkeun ngumbah buku ramo-ramo jeung ngaruang pangeureutan kuku kajero taneuh .kitu halna reujeung rambut mastaka atawa rambut awak oge geutih tilas bekaman . hal ieu didumasarkeun kana hadits Nabi Saw. Dimana manteunna Saw. Marentahkeun pikeun ngaruang geutih, buuk jeung kuku.

( disalin tina kitab Gunyah syeikh abdul qodir jailani ra. Hall 15 juz ka 1 )